Senin, 18 Mei 2015

makalah ngeunaan biantara

0

PANGJAJAsP
Puji syukur nu nulis panjatkeun ka kahadirat Allah SWT. Yen nu nulis tos ngabereskeun ieu tugas makalah biantara.
Mugi materi ieu tiasa masihan mangpaat sarta jadi sumbangan pamikiran pikeun pihak anu merlukeun, hususna pikeun nu nulis ku kituna tujuan anu diharepkeun bisa kahontal, Amin
Hapunten bilih aya kalepatan dina panulisan, nu nulis nyadar yen tugas biantara ieu masih langkung tina kata sempurna.
Hatur nuhun..








                                                                                                              


                                                                                                                      Nu nyusun




DAFTAR EUSI
­­­BAB I BUBUKA
1.1 KASANG TUKANG MASALAH  ..………………………………………     3
1.2 WATESAN MASALAH   .…………………………………………………     3
1.3 RUMUSAN MASALAH   ……….…………………………………………    3
1.4 MAKSUD JEUNG TUJUAN   .……………………………………………      3
BAB II EUSI
2.1 WANGENAN BIANTARA     ………………………………………………   4         
2.2 TUJUAN BIANTARA     …………………………………………………...    4
2.3 PADIKA BIANTARA     ……………………………………………………   5
2.4 WANDA BIANTARA     ……………………………………………………   8
2.5 CARANGKA BIANTARA   ………………………………………………..   9
2.6 UNSUR UNSUR DINA BIANTARA   …………………………………….   11
BAB III PANUTUP
3.1 KAWINDEKAN   ……………………...…………………………………….  13
3.2 SARAN   ……………………………………………………………………..   14
DAFTAR PUSTAKA   ………………………………………………………….    15
BAB I
­­BUBUKA
1.1 KASANG TUKANG MASALAH
Biantar sok dianggap pangajaran nu teu dipika resep ku siwsa, sabab siswa kurang parigel néangan ide jeung kecap-kecap kunu variatif dina ngarang, siswa ogé kurang parigél dina ngalarapkeun éjahan sarta kurang parigél dina matalikeun unggal kalimah ti mimiti nepi katungtung sangkan nyiptakeun tulisan nu merenah tur mibanda harti jeung maksud.
Sangkan bisa nyebutkeun struktur teks biantara, bisa ngaidéntifi kasi struktur teks biantara nu nyampak dina téks, bisa ngaanalisis aspék-aspék kabasaan nu nyampak dina teks biantara, bisa nyusun téks biantara sorangan kalawan ngagunakeun basa Sunda anu merenah, mikapaham padika nepikeun biantara, sarta bisa ngagalantangkeun biantara di hareupeun kelas kalawan ngagunakeun sora, lentong, jeung wirahma anu merenah.

1.2 WATESAN MASALAH
 Dumasar dina kasang tukang masalah diluhur sangkan bias nulis biantara jeung ngabacakeun biantara nu atos dijieun sateu acana supados apal wangenan biantara

1.3 RUMUSAN MASALAH
·         wangenan biantara teh naon ?
·         Tujuan Biantara teh naon ?
·         Padika Biantara teh naon ?
·         Gunana biantara the keur naon ?
·         Carangka Biantara the nu kumaha?
·         Jeung unsur unsur dina biantara the naon wae ?

1.4 MAKSUD JEUNG TUJUAN
Saluyu jeung kasang tukang masalah,rumussan masalah yen tujuan the pikeun
·         Ngajeulaskeun wangenan biantara
·         Ngajelaskeun Tujuan Biantara
·         Ngajeulaskeun Padika Biantara
·         Ngajeulaskeun Gunana biantara
·         Ngajeulaskeun carangka biantara
·         Ngajeulaskeun Unsur-unsur dina Biantara


BAB II
EUSI
2.1    Wangenan Biantara
Biantara atawa pidato téh nyarita di hareupeun balaréa dina raraga nepikeun informasi atawa hal-hal nu kaitung penting dipikanyaho ku batur, bisa mangrupa sambutan, pangarahan atawa panyuluhan anusipatna monolgis, ukur diréspon ku unggeuk/gideg, keprok, jeung pasemon. Biantara anu saé ngagaduhan éfék positif kanu ngaregepkeun atawa ngadangukeun éta biantara. Jalma nu ahli biantara disebutna orator.

2.2     Tujuan Biantara
1.      Informatif
Nya éta méré hiji pamahaman atawa informasi ka batur.Urang tiasa ngadugikeun informasi anu nuju haneut jeung janten bahan omongan di masyarakat kanggo ka pirsawan.
2.      Argumentatif
Maksudna, urang tiasa ngayakinkeun jalmi kana hal anu nujudicarioskeun dina bianatara urang jeung pirsawan tiasa yakin kana cariosan urang.
3.      Persuasif jeung Instruktif
Nya éta mangaruhan batur ambéh daék nuturkeun kahayang urang tur sukaréla. Tujuan ieu sami sareng tujuan arguméntatif, sanajan kitu anu ngabédakeuna mah nya éta inténsitasna. Tujuanbiantara ieu leuwih digunakeun kanggé ngagugah sareng ngagerakkeun pirsawan kanggé ngalakukeun hal anu dicarioskeun dina biantara.
4.      Entertaint atawa Rekreatif
Nya éta biantara anu nyieun pirsawan gumbira jeung ngahibur, ku kituna pirsawan gumbira sarta sugema ngupingkeun anu ku urang diungkapkeun. Tujuan biantara ieu sanés saukur kanggényieun  pirsawan  gumujeng  nepi ka pipingkelan. Sanajan kitu, ieu gé kedah nyieun anu ngadangukeun ngartos kanu naon-naon nu ku urang dicarioskeun. Salian  kanggé  anu ngadangukeun gumbirajeung gumujeng, émosi maranéhna kabawakeun  kana suasana biantara anu ku urang dibawakeun

2.3     Padika Biantara
1.      Serta Merta (Impromptu)
Nya éta mawakeun biantara tanpa persiapan sarta ngan ngandelkeun pangalaman sarta wawasan. Biasana dina kaayaan darurat loba ngagunakeun métode sarta merta. Métode ieu hésédilakonan upami urang jalmi anu teu gaduh pangalaman dina bidang biantara, bisa-bisa nuju urang di hareupeun pirsawan, urang kalah janten blank atanapi urang janten hilap naon  wae anu kedah ku urang carioskeun. Aya sababaraha hiji kauntunganana :
a.       Leuwih ungkapkeun rarasaan orator anu sabenerna,kusabab orator teu aya kasempetan kanggo mikirkeun naon-naon anu badé didugikeun.
b.      Gagasan anu spontan janten katingalina téh siga seger sareng hirup.
c.       Ngajadikeun orator terus mikir.
Aya ogé karugiananana nya éta  :
a.       Tiasa janten kasimpulan anu atah kusabab dasar élmu anu henteu memadai.
b.      Ngakibatkeun cara nyarios anu henteu lancar sareng seueur eureun.
c.       Biasana gagasan anu didugikeun tiasa acak-acakan jeung ngawur.
d.      Orator tiasa wae jadi geumpeur (demam panggung).
2.      Ngapalkeun (memoriter)
Nya éta nyieun hiji rencana biantara tuluy ngapalkeunana kecap per kecap. Métode ieu  bakal  saé pisan upami urang gaduhémutan anu saé jeung biantara anu ku urang didugikeun henteu panjang. Sanajan kitu, upami urang sok kadang hilap jeung biantara anu ku urang dugikeun téh rada panjang, aya saéna métode ieu teu kedah digunakeun. Kusabab, upami urang hilap ditengah-tengah biantara urang, urang téh bakal hésé deui ngalanjutkeunna.Kauntungan métode ieu nya éta  :
a.       Kecap anu dipilih kedah leres kusabab aya persiapan anu saé.
b.      Upami tiasa ngapalkeunana, biantarana bakal lancar.
c.       Gerak jeung  isyarat anu diintegrasikeun ku cara uraian.
Karugiana ngagunakeun métode ieu nya éta   :
a.       Biantara katingali datar sareng bosen, nepi ka oratormoal tiasa narik perhatosan pirsawan.
b.      Komunikasi pirsawan anu janten sababorator ngalih kanu  usaha kanggo ngingetan kecap.
c.       Kedah ayana persiapan anu seueur.
3.      Maca naskah (manuscrip)
Ku cara ngagunakeun atanapi maca naskah waktos biantara.Métode ieu nya éta biantara kalayan ngagunakeun naskah anu geus dijieun saméméhna sarta umumna dipaké dina biantara-biantara resmi. Sareng teu kénging aya kalepatan kecap atanapi dina cara ngadugikeunna. Baheula mah biantara téh ditulis atawa diketik dina kertas (tiasa di kertas anu ukuranna katingali atawa dina kertas anu ukuranna leuwih leutik anu tiasa di sumputkeun jeung teu katingali). Sanajan kitu, kusabab kamajuan téknologi ayeuna mah tos benten sareng baheula, kitu ogé dina macakeun biantara ayeuna mah ngagunakeun tablet PC atanapi alat anu tos canggih.Kauntungananana :
a.       Kecap-kecap anu pilih sasaé-saéna nepi ka janten tiasa ngadugikeun hartos anu leres sareng pernyatanana janten tétéla.
b.      Pernyataan tiasa dihémat kusabab manuskrip tiasa disusun deui.
c.       Kalancaran nyarios kahontal kusabab kecapna atos disiapkeun.
d.      Hal-hal anu ngawur atanapi pasalia tiasa dihindari.
e.       Manuskrip tiasa  diterbitkan atau diseueuran.

Aya ogé karugiananana :
a.       Komunikasi pirsawan tiasa janten ngurangan kusabab  orator henteu nyarios langsung kanggo ka maranéhna.
b.      Orator henteu tiasa ningali pirsawan kusabab manéhna leuwih konséntrasi kana naskah biantara, nepi ka kalengitan gerak jeung janten kaku
c.       Réspon ti pirsawan henteu tiasa ngarobih, mondokan atawa manjangan papatah.
d.      Prosés ngajieunna leuwih lami.
4.      Ekstemporan
Nya éta ku cara nyandak poko-poko cariosan anu badédidugikeun. Métode ieu nya éta   métode anu lumayan saé jeung gampil digunakeun, urang ngan saukur  nyandak poin atau poko-poko pasoalan anu kedah didugikeun jeung urang ngan saukur kedah  berimprovisasi salila urang ngadugikeun eusi biantara. Ieu  mangrupikeun  salah sahiji métode biantara anu leres lantaran ieu leuwih variatif jeung henteu ningali waé kana naskah. Kauntungan ngagunakeun métode ieu nya éta:
a.       Komunikasi anu gadangukeun jeung yarios leuwih  saé kusabab anu nyarios tiasa nyarios langsung ka anu ngadangukeun
b.      Papatah tiasa fléksibel kanggé diubah sesuai sareng kabutuhan jeung panyajianana leuwih spontan.
Karugian ngagunakeun métode ieu ge aya nya éta  :
a.       Kedah latihan anu intensif kanggo nu nyarios.
b.      Aya kemungkinan pasalia tina garis besar
c.       Kalancaran nyarios kahambat kusabab héséna milih kecap-kecap.



2.4    Wanda Biantara
1.      Ceramah
Nya éta biantara anu tujuanna keur mapatahan atawa masihan naséhat kanu ngadangukeun. Ceramah tiasa dilaksanakeun iraha waé teu aya rukun sareng saratna, teu gaduh tempat husus kanggo pelaksanaanna, waktuna teu aya watesan jeung saha waé tiasa dakwah. Ceramah ogé tiasa dilaksanakeun ku cara anu kreatif sarenginovatif supaya teu matak bosen. Contona: seminar, lokakarya, saraséhan, jsb.
Ceramah dibagi jadi dua rupa, nya éta:
a.       Ceramah umum, nya éta ceramah anu ditujukeun keur sakabéh masarakat anu sipatna maluruh teu ngabédakeun umur, jabatan jeung matérina gé teu ditangtukeun.
b.      Ceramah husus, nya éta ceramah anu ditujukeun ka sabagian kelompok anu sipatna husus, nu ngadangukeun jeung materina ge disaluyukeun jeung acara. Contona dina raraga mépéling acara Maulid Nabi, Isra’ Mi’raj, jeung acara-acara anu biasa dilakukeun ku umat muslim.
2.      Pamapag/sambutan
Nya éta biantara anu ditepikeun dina hiji acara kagiatan atawa kajadian nu tangtu anu bisa dipigawé ku sawatara urang jeung wayah anu kawates sacara gunta-ganti.
3.      Pedaran/bahasan hiji pasualan
Nya éta biantara anu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana jeung gunana nu ditujukeun pikeun ngajembaran pangaweruh anu ngadangukeun.
4.      Natar (up grading)
Dina perkawis organisasi nya éta kanggo ngaronjatkeun mutu organisasi sareng anggotana. Salian ti éta, sacara normatif up gradingdilaksanakeun supados saban pangurus, utamana jajap angkatan jadi silih mikawanoh.
5.      Laporan
Nya éta biantara anu eusina nyaéta ngalaporkeun hiji pancén atawa kagiatan.
6.      Kampanyeu/propaganda
Kampanye nya éta biantara anu tujuanna meunangkeun pencapaian pangrojong, usaha kampanye tiasa dipigawé ku perorangan atawa sakelompok jalmi anu terorganisir kanggo ngalakukeun pencapaian prosés ngajieun kaputusan dina hiji jumplukan, kampanye biasa ogé dipigawé guna mangaruhan, ngahambat, ngabelokeun pencapaian.

E.     Guna Biantara
1.      Pikeun nepikeun rupaning kapentingan/maksud.
2.      Ngaronjatkeun ajen diri
3.      Ngarojong Leadership
4.      Jadi puseur paniten masarakat, dihormat jeung dihargaan.
F.      Persiapan Biantara
Saméméh méré biantara di hareup umum, aya saéna pikeun ngalakonan persiapan di handap ieu:
1.      Nyaho wawasan anu ngadangukeun biantara sacara umum
2.      Nyaho lilana wayah atawa durasi biantara anu baris dibawakeun
3.      Nyusun kecap-kecap anu gampang dipahaman sarta jelas
4.      Nyaho jenis biantara sarta téma acara.
5.      Nyiapkeun bahan-bahan sarta perlengkapan biantara

2.5    Carangka Biantara
1.      Bubuka
Bubuka dina biantara diwangun ku sababaraha unsur, nya éta :
a.    Salam bubuka
Salam ieu teh bisa ku ngucapkeun Assalamu’alaikum wr.wb. (pikeun umat Islam), atawa bisa ku ngucapkeun salamna urang Sunda nya éta  Sampurasun.
b.    Puji sinareng sukur ka Alloh swt. sareng shalawat ka Kanjeng Nabi Muhammad saw.
c.    Ucapan hormat ka para inohong.
d.   Ucapan hormat ka pirsawan.
2.      Eusi
Eusi biantara téh mangrupakeun bagéan anu pangpentingna dina biantara. Eusi biantara téh diwengku (diwangun) ku tilu perkara,nya éta :
a.    Pedaran
Bagéan ieu eusina perkara naon waé anu rék ditepikeun ka pirsawan, biasana dumasar kana tujuan biantara.
b.    Cindekna
Mangrupa kacindekan tina pedaran anu geus ditepikeun.
c.    Anjuran
   Dina bagéan ieu ditepikeun anjuran atawa harepan ti nu biantara ka pirsawan, utamana raket patalina jeung eusi pedaran.
3.      Panutup
Panutup biantara nya éta  bagéan anu nétélakeun yén biantara téh geus réngsé. Panutup biantara diwangun ku sababaraha perkara,nya éta :
a.    Nganuhunkeun kana perhatosan pirsawan.
b.    Ménta dihampura tina kakurangan nu aya dina biantara.
c.    Du’a
d.   Salam panutup.

2.6    Unsur-unsur dina Biantara
1.      Orator (nu nepikeun biantara)
Salah sahiji perkara anu kudu diperhatikeun ku orator téh salian ti bahan-bahan keur biantara nya éta  dangdanan atawa pakéan keur biantara. Kaayaan pakéan éta téh mangaruhan kana ajén hasil biantara. Aya sababaraha perkara ngeunaan pakéan anu kudu diperhatikeun ku urang lamun rék ngalakonan biantara, nya éta :
a.    Pakéan misti saluyu jeung kaayaan.
b.    Pakéan misti saluyu jeung pirsawan.
c.    Pakéan misti saluyu jeung maksud carita (sumanget, jste.).
d.   Pakéan misti merenah jeung sopan.
e.    Pakéan misti nambah komara jeung mawa simpatik.
2.      Bahan Biantara
Aya tilu tahapan nu ku urang kudu dilakonan dina nyiapkeun bahan (matéri) biantara, nya éta :
a.    Nyusun carangka biantara (garis besar)
b.    Ngumpulkeun bahan pikeun eusi biantara, boh tina pangalaman, bacaan, jste.
c.    Nulis naskah biantara salengkepna.
Sajaba ti éta, aya ogé sababaraha perkara anu bisa dijadikeun dadasar pikeun urang dina nyusun naskah biantara, nya éta :
a.    Tujuan biantara.
b.    Kasang tukang pirsawan, nya éta  umurna, agamana, tingkat pangaweruhna, pacabakan kasabna, kamasarakatana, kalangenannana (hobi) jste.
c.    Harepan pirsawan nu patali jeung biantara.
d.   Kajadian naon nu anyar di masarakat (lingkungan) pirsawan.
e.    Sipat hadé pirsawan nu nyongcolang, jrrd.
3.      Pirsawan
Pirsawan teh nya éta  kaum dangu anu ngdangukeun biantara urang. Lamun teu aya pirsawan atanapi kaum dangu, tangtu tujuan tina biantara teh moal laksana. Di dieu baris dijelaskeun sababaraha hal anu aya patalina jeung cara ngatur pirsawan, nya éta:
a.    Pirsawan misti ngumpul (teu bacacar) jeung deukueut ka nu biantara.
b.    Pirsawan misti ningali ka nu biantara (teu kahalangan panitena).
c.    Pirsawan nu jadi tuju kecap sina di hareup.
d.   Pirsawan misti rada anggang (carang) jeung papadana lamun urang ngaharepkeun pirsawan wanian.
e.    Pirsawan misti pagégéyé lamun urang ngaharepkeun pirsawan tumut kana eusi biantara.
f.     Pirsawan misti sina di nu poék lamun rék disugésti kuat.
g.    Pirsawan nu jadi tuju kecap sina di hareup, jrrd.
Tilu unsur nu geus dijelaskeun di luhur kacida pentingna dina biantara, sabab unsur-unsur éta téh silih pangaruhan. Lamun aya unsur nu leungit tangtu biantara téh moal laksana.
          
BAB III
PANUTUP

3.1    Kawindekan
1.      Biantara atawa pidato téh nyarita di hareupeun balaréa dina raraga nepikeun informasi atawa hal-hal nu kaitung penting dipikanyaho ku batur, bisa mangrupa sambutan, pangarahan atawa panyuluhan anusipatna monolgis, ukur diréspon ku unggeuk/gideg, keprok, jeung pasemon. Biantara anu saé ngagaduhan éfék positif kanu ngaregepkeun atawa ngadangukeun éta biantara. Jalma nu ahli biantara disebutna orator.
2.      Tujuan biantara aya opat, nya éta (1) Informatif, (2) Argumentatif, (3)Persuasif jeung Instruktif, sarta (4) Entertaint atawa Rekreatif.
3.      Padika biantara ogé aya opat, nya éta: (1) Serta merta (Impromptu), (2) Ngapalkeun (Memoriter), (3) Maca naskah (Manuscip), jeung (4)Ekstemporan.
4.      Biantara mibanda sababaraha wanda, diantarana: (1) Ceramah, (2) Pamapag/Sambutan, (3) Pedaran/bahasan hiji pasualan, (4) Natar (up grading), (5) Laporan, jeung (6) Kampanyeu atawa Propaganda.
5.      Guna biantara diantarna: (1) Pikeun nepikeun rupaning kapentingan/maksud, (2) Ngaronjatkeun ajen diri, (3) Ngarojong Leadership, jeung (4) Jadi puseur paniten masarakat, dihormat jeung dihargaan.
6.      Saméméh méré biantara di hareup umum, aya saéna pikeun ngalakonan persiapan, saperti: (1) Nyaho wawasan anu ngadangukeun biantara sacara umum, (2) Nyaho lilana wayah atawa durasi biantara anu baris dibawakeun, (3) Nyusun kecap-kecap anu gampang dipahaman sarta jelas, (4) Nyaho jenis biantara sarta téma acara, jeung (5) Nyiapkeun bahan-bahan sarta perlengkapan biantara.
7.      Carangka biantara dibagi tilu, nya éta: (1) Bubuka, (2) Eusi, jeung (3) Panutup.
8.      Biantara mianda sababaraha unsur penting, diantarana: (1) Orator, (2) Bahan biantara, jeung (3) Pirsawan.
9.      Ciri biantara nu bener tu hadé diantara: (1) Kudu tétéla, (2) Kudu matak simpatik, (3) Kudu ngayakinkeun Pirsawan, (4) Kudu lawas dipiéling ku pirsawan, jeung (5) Kudu éndah.
10.  Aya sababaraha strategi anu tiasa digunakeun kanggo ngajar biantara di SD, diantarana: (1) Kaulinan simulasi, (2) Stratégi Modeling the Way, (3) Midangkeun informasi, jeung (4) Laporan lisan.

3.2     Saran
Biantara téh mangrupakeun kaparigelan anu kacida pentingna. Salian ti kudu bisa ngajarkeun biantara ka barudak SD pikeun ngalatih rasa percaya ka diri sorangan. Urang salaku guru gé kudu bisa ahli dina Biantara sabab guru téh sok jadi kapercayaan masarakat dina mingpin atawa ngalakonan hiji acara anu merlukeun kaparigelan ngobrol di hareupen jalma loba. Biantara ogé tiasa ningkatkeun kamampuan bahasa sunda anu leres sareng saé.




DAFTAR PUSTAKA



0 komentar:

Posting Komentar